Kumpulan Lirik Lagu Indonesia, Lirik Lagu Barat, Lirik Lagu Lawas, Lirik Lagu Kenangan, dan Lirik Lagu Terbaru, Icluding Lirik Lagu Dangdut, Sunda dan Melayu

Lirik Lagu Sunda Doel Sumbang - Urang Sunda | Lyrics

Lirik Lagu Sunda Doel Sumbang - Urang Sunda | Lyrics

Urang sunda ka marana
Urang sunda di marana
Urang sunda, urang mana
Urang sunda, Anjeun saha

Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan saukur lalajo bari tumenta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang sunda oge bisa

Tembongkeun urang ge bisa mela nagara
Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin
Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggut jeung kumawula

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan

Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan bentang di langit

Mun urang kabeh reueus jadi urang sunda
Pikiran deui naon nu dipikareueus
Lamun urang sunda kabeh jadi si kabayan
Kuring melang hiji waktu urang kababayan
Urang bakal kababayan, ukur bisa kababayan, salawasna kababayan

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan
Labels: Doel Sumbang

Thanks for reading Lirik Lagu Sunda Doel Sumbang - Urang Sunda | Lyrics. Please share...!

0 Comment for "Lirik Lagu Sunda Doel Sumbang - Urang Sunda | Lyrics"

We have tried to make these lyrics as accurate as possible, but if you find any errors in the lyrics, please let us know. If you wish to have free downloads of mp3, iPod music, Windows Media wma music, ringtones or videos, please visit the relevant links. We in no way claim the copyright in the lyrics.

Back To Top